Rabu, 07 Maret 2012

KIDUNG PANEDA



Sampurasun ,,,

run turun ingsun gumulung
sumilir gilirna wanci
ngalanglang ngacacang mangsa
ngalingling alam kiwari
ngalanglang alam ayeuna
rep sirep neda ti gusti
nya ingsun bayu rahayu
bayu mulus bayu asih
bayu pangauban jaman
bayu sajatining manik
nya ingsun langlang buana
pangauban seuweu … siwi
pangeran galur galunggung
anaking mangka caringcing
ngambah jagadna manusa
didinya ayana harti
didinya ayana ucap
pibeukeuleun hirup hurip
sasaka pusaka karuhun
dangiang putra kawali
pangauban pajajaran
panceg pangara dina adil
teuas jeujeur leuleus useup
padika ngaheuyeuk nagri
dina langkah aya tangtung
tangtungan diri pribadi
ulah gedag kupanggoda
tengetkeun gilirna wanci
lalakon pangreka jaman
sembaheun alam kiwari
ulah ngukur kuwung-kuwung
endah rupa-rupa jirim
adegan manawi purba
bibit pamelar sakti
wibawa ucap parentah
sakti dina darma bakti

~ r a h a y u ~

Source: http://ncepborneo.wordpress.com/2010/04/12/kidung-paneda-2/
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar